Jumat, 12 Agustus 2011

Pramugari CIANJUR AIRLINES :

"Wilujeung enjing kanggo sadayana..."

Manawi engke saderek sadayana ngaraoskeun cepilna katorekan, mangga ditaplok ngangge kapas eta liang cepilna.

Supaya sadayana salamet, mangga tulung perhartoskeun ka dieu, kumaha carana masang sabuk.
Kumaha ngoncina ngarah entong coplok, ngarah pageuh, sareng kieu carana nyoplokeuna.

Baju pelampung aya di handap korsi, ulah  dianggo heula, ngantosan bapa Kapten mere aba2.
Eta teu kengeng dipindah2 nya,,, komo deui mun dibawa balik, dipake pajangan di ruang tamu maneh, mun kapanggih dicabok hareup tukang geura, ngarti teu?!

Eta nganggo baju pelampung, lebetkeun lewat pundak siga make rompi, konci sabukna ti hareup ulah tarik teuing, engke maneh bingung teu bisa napas ! Eta meunang dikeukeupan, nu penting kelek maneh henteu bau.

Ngarah bisa ngambang di cai, tarik eta cenul2 warna beureum jambu, maneh kudu inget, narikna kudu di luar pesawat, engke teu bisa kaluar geura mun di jero. Mun ditarik di jero, lantaran ngagelembungna gede pantona moal cukup, bisa nyangked maneh !

Mun rek kaluar ti pesawat antri nƔa, baris siga bebek, siga entog keur diangon.

Lamun napas geus mulai hese, eta masker oksigen lagrag sorangan ti luhur sirah maneh. Kop warna koneng2 eta makena saurang hiji, ulah parebut ngerakeun !

Kartu petunjuk darurat aya dina selesepan hareupeun maneh, dibaca, teu kudu diapalkeun, bisa gelo maneh ngapalkeun anu kitu.

Kitu heula nƔªªªãå... 
emang,bibi,akang,nyai,ujang,eneng, kalakuan ulah aneh2 !!!

Oh enƔa...
Mun rek maca2, pencet eta cenul2 di luhureun maneh.
Eta keur ngahurungkeun lampu.
Ngarti kan ??

Sok ayeuna mah doa menta salamet, menta ampun mun loba dosa.  Mun pesawat lagrag mah nya woyahna weh kudu kumaha deui, bae da babarengan ragragna oge nya..! .....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar