Kamis, 27 September 2012

Bapa : "jang..  pangmeulikeun inuman anu tiis ti warung"
Aming : "koka kola atawa seprit,pa?"
BaPa : "koka kola wae.."
Aming : "anu kaleng atawa botol?"
BaPa : "Botol.."
Aming : "nu  botol gede atawa nu botol leutik, pa?"
BaPa : "euh  budak tolol !! Geus meuli cai biasa we!!"
Aming : "Akua atawa cai biasa ?"
BaPa : "AKUA!!!!"
Aming : "Panas atawa anu tiis, pa?" (Beungeutna lempeng, teu kerot-kerot)
BaPa :" astagpirulooh, di mana SAPU? mana SAPU?, DI GEBUG SIAH..!!!"
Aming : "Sapu nyere atawa sapu injuk, pa??"
BaPa : "lailahailaloh...dasar sia mah siga sato wae!!"
Aming : "siga Embe  atawa  Munding, Pa?"
BaPa : "Embe, Gobloggg!!!"
Aming : "Embe Ceme atawa Badot??"
BaPa : "Setan siah!!!!"
Aming : "Pocong atawa Gendruwo?"
BaPa: "Kumaha sia we, kaditu siah indit  we lah!!"
Aming: "kudu poe ieu atawa isuk?"
BaPa: "Ayeuna , siah !!"
Aming: "Bapa milu atawa moal?!!"
BaPa : "masya Alloh.. Gelo sugan sia mah, dipaehan geura !!"
Aming : "Ditubles ku peso atawa dibedil, pa??"
BaPa :"Dibedil siah ku aing!!!"
Aming : "kana sirah  atawa  beuteung??
*si bapa langsung sakarat...bakat ku keuheul* >:O ->O:)
M
Sbc :D just for fun don't be mad.      Wilujeung enjing sadayana . :D

Tidak ada komentar:

Posting Komentar